Kalangkang
Zulaikha Sobana
KOTA Magelang teu loba robahna. Terminal jeung wangunan nu ngajajar. Angger. Hawa seger karasa nebak ngaliwatan jandela mobil anu muka. Waas, rusras inget deui ka mangsa baheula. Mobil terus maju nuju ka wewengkon Kebon Polo. Reg, lebah alun-alun. Abringan taruna AKMIL keur parade. Diluluguan ku abringan marching band Lokananta Budaya. Sorana ngageder, neumbagan rasa nu pagaliwota na jero dada. Handapeun tangkal caringin eta harita kuring ngalelengkur. Nungguan manehna ngaliwat. Puguh ge hese keur ngabedakeun, da sarua pisan boh papakean boh model buukna. Ngan pirajeunan dina tengah barisan sakolepat ningali nu gugupay. Nyeh imut. Ngan saharita-haritana. Hate asa ngarongheap, tina barisan taruna nu pangtukangna katingali aya nu gugupay. "Astagfirulloh!" kuring ngusap beungeut. Rungah ringeuh asa kagareuwahkeun. Ret. Di juru beulah kidul handapeun caringin, hiji wanoja keur diuk. Aya imut kabagja ngagurat dina beungeutna.**
FIKSIMINI BASA SUNDA LAINNYA
E-PAPER


ARSIP
SUDUT
Elpiji 3 kg langka, warga ramai-ramai pakai batok kelapa.
Mungkin perlu ada batok kelapa bersubsidi.
Gerindra: Pertemuan SBY dan Prabowo hanya kangen-kangenan.
Peluk-pelukan, janji-janjian, pilpres-pilpresan.
Jdwl Persib Putaran II LSI 2011-2012
Update Terakhir: Minggu, 13 Mei 2012
Klasemen Sementara LSI 2011-2012
Update Terakhir: Minggu, 13 Mei 2012
Ceuk Bobotoh
Hanya untuk mendukung Persib Bandung